Jumat, 18 Juli 2008

persib anu aing



DADAHA, biasana lamun Poe Sabtu teh komplex olahraga Dadaha teu rame-rame teuing, basa Poe Sabtu nu katukang mah rame euy.. jalma oge pasesedek, disakuriling lapang bola ngajajar nu daragang kaos. Singhoreng simanahoreng aya nu diadu jajaten nyaeta Persitas ngalawan Persib Bandung.
"Mang aya kaos Persitas ?"
"Waduh..teu aya kaos Persitas mah."
"Naha geuning teu aya..kapanan ayeuna rek tanding."
"Muhun, sadaya oge ngicalan kaos Persib"
"Naha atuh Mang padahal ngicalan kaos persitas Insya Allah pajeng."
"Kantos sih abdi oge ngadamel, ngan teu kenging ku pengurus Persitas."
"Naon ceunah sababna ?"
"Puguh duka...ceunah pokona teu kenging we, kedah aya ijin ti Persitas."
"Padahal salahsahiji anu ngagedekeun wawanen tur anu mere sumanget kana klub teh kapanan bobotoh, ari kaos-kaos wae meni teu beunang mamake."
"Jigana bade diicalan ku pihak Persitas langsung meureun nya?"
"Ah..lamun mah enya aya, kuring rek meuli Mang.."
"Keun we atuh mamake kaos Persib oge, yang penting dalamnya Persitas.."
"Ha.ha.ha.....bisa wae si Emang mah, beu atuh kadieu, da sarua ari keur tingkat Jawa barat mah kuring ngadukung Persib, ngan ari tingkat daerah mah nya Persitas atuh Mang."
"Istilah bobotoh mah meureun kieu, Persib nu aing, Persitas nu Kuring."
"Tah..enya kitu..!"
Pondok carita, asup we ka jero lapang, tuluy gek diuk na bangku tembok, sanes bangku cadangan :)
Panongton meni pinuh, lamun dipersenkeun mah aya kana 98% na Dadaha dipinuhan ku warna biru, sisana warna-warni teu make kaos saragam team.
Na jero hate ngagerendeng, deudeuh teuing Persitas...maen di kandang sorangan teu boga bobotoh, keun we Jang...kajeun aing mamake kaos Biruna Persib..hate jeung jorowok aing mah tetep keur Persitas. Beulah kencaeun kuring aya nu nanya bari semu kerung, "Eta kunaon mamake kaos Persib, tapi kalahka ngabela musuh ?"
"Husss..kuring teh sarua bootoh Persib, ngan kuring oge Urang Tasik, nya wajar we ngabela klub pribumi." tembal kuring
"Aeh..enya kapanan ieu teh pertandingan persahabatan nya."
Piluit panjang ditiup ku wasit, tandana rengsena pertandingan, walhasil 0-6 keur kameunangan Persib. Burusut we bobotoh muru pamaen Persib, aya nu menta tandatangan ka Zaenal Arif, Salim, Jimanes, Sonny, Yaris (Jeki Chan), Leo pamaen anyar Persib jeung rea-rea deui. Ah..kuring mah ngagandeuang we leumpang nyampeurkeun pamaen Persitas, tuluy gap sasalaman, "Kang Nuhunnya, maen teh geus alus euy...geus untung bisa nahan skore sakitu oge, Insya Allah kapayuna mah Persitas bisa langkung maju nya."
Ari Pamaen Persitas mung ukur bisa seuri leutik, bari nyanghunjar bangun nu kacapean, da eta katingalina meni boborot ku kesang badag oge kesang lembut.
Beres nganuhunkeun ka pamaen-pamaen Persitas, kuring ngahaja nyampeurkeun kumpulan wasit anu keur narangtung dipojok, kabeh tiluanana wasit kumpul didinya.
"Pa hatur nuhun pertandingan teh tos berjalan kalayan tartib." cekeng bari tuluy gap sasalaman
"Sami-sami." tembal wasit meh bareng bangun anu atoh aya nu nyampeurkeun ti pihak Bobotoh.
"Pa dijero kaos ieu..eusina Persitas." cekeng bari tuluy ngaleos.
Mudah-mudahan pihak pengelola Persitas dina hal ieu Pamarentah Daerah, tiasa langkung merhatoskeun Persitas.
Bravo Persitas
Hidup Persib.

Tidak ada komentar: